KECAP RAJEKAN
Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna.Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.
Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana:
- Rajekan Dwipurwa
- Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal".Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana.
- contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran
nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot dsb.
- Rajekan Dwimadya
- Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah.Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna.
- contona: sabaraha jadi sababaraha
- Rajekan Dwilingga
- Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka).
- Conto kecap rajekan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd
- conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.
- Rajekan Trilingga
- Rajekan trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung, jrd
GAYA BASA DINA BASA SUNDA
1. Gaya Basa Mijalma (Personifikasi)
Gaya basa mijalma atawa personifikasi nyaeta gaya basa nu ngibaratkeun barang, sasatoan atawa tutuwuhan mibanda kalakuan jelema. Conto:- Angin ngarandeg, panonpoe nyumput tukangeun mega.
- Halimun nu beuki kandel nyimbutan nu keur tarung begalan pati.
- Bulan ngerejep serabeun ku balebat nu nguliat Beulah wetan.
- Cihcir ngawih tengah peuting
- Pare beuneur tarungkul siga menekung
2. Gaya Basa Rarahulan (Hiperbola)
Gaya basa rarahulan nyaeta rakitan basa nu gunana pikeun ngayakinkeun nu sejen. Yen sakur nu diomongkeun the enya enya benerna, nepi kaleuleuwihi nu antukna teu saluyu jeung kanyataanana. Gaya basa rarahulan sok disebut oge hiperbol. Asalna tina basa Yunani, hyper (ngaleuwihan) + ballein (ngebrehkeun). Pihartieunana cara ngebrehkeun hiji hal kalawan kaleuleuwihi. Contona- Ari maneh ngareureuwas, ieu jantung kuring meni coplok karasana teh.
- Sawahna satungtung deuleu
- Daek medu teu boga duit sapeser bengo.
- Padudukanana meni sagede alaihim.
- Bakat ku ambek, beungeutna meni beureum euceuy.
3. Gaya Basa Kadalon
Gaya basa kadalon nyaeta rakitan basa anu ngagunakeun kecap kecap pikeun ngebrehkeun maksud atawa pikiran leuwih ti mistina. Anu geus écés di écéskeun deui. Dina basa asingna disebut pléonasmeu. Contona :- Aduh naha bet rieut sirah.
- Geura asup ka jero.
- Itu manuk ngapung ka luhur.
- Cekel ku leungeun ngarah teu bahé sayur téh.
- Déngékeun ku ceuli papatah nu jadi kolot téh.
4. Gaya Basa Ngupamakeun (Simile)
Gaya basa ngupamakeun nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji hal jeung hal séjén nu ngandung harti saperti. Gaya basa ngupamakeun biasana sok ngagunakeun kecap babandingan saperti badis, kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat, jeung sajaba ti éta. Conto :- Bahrum hulang huleng bangun nu bingung.
- Budak téh badis bapana.
- Adatna kawas indungna.
- Lina mah cara merak, beuki pisan kana lada téh.
- Anakna geulis lir widadari turun ti kayangan.
5. Gaya Basa Lalandian
Gaya basa lalandian nya éta gaya basa nu ngagunakeun kecap panglandi pikeun nuduhkeun barang atawa hal nu ngabogaan sipat nu sarua. Conto :- Béntang kelas kuring mah, keur pinter téh kutu buku deuih.
- Balik ti Kota Tauco, manéhna nyimpang heula ka adina nu ngumbara di Kota Kembang.
- Kembang désa dilamar ku jajaka gandang.
- Generasi harepan bangsa ulah kabawa ku sakaba-kaba atuh.
6. Gaya Basa Ngasor (Litotés)
Gaya basa ngasor atawa litotes nyaéta gaya basa nu dipake pikeun ngasor, pikeun ngarendahkeun diri, pikeun ngahargaan atawa ngajenan jalma anu diajak nyarita. Pikeun ngarendahkeun diri sangkan henteu dianggap adigung, nu nyarita ngagunakeun kecap-kecap nu hartina patukang tonggong jeung kanyataan sabenerna. Upama baé :- Manéhna téh jalma pinter tur beunghar, ngakunamah tuna harta tuna harti.
- Usaha anakna téh maju jeung gedé deuih, disebutna mah léléngkah halu diajar kénéh.
- Nyaritana the bérés, mérélé tur jéntré da puguh ahlina, ngakuna mah sumanggem sabulan bentor kawantor sanes ahlina.
- Mirah sapatu abimah, mésérna ogé ti loak (sapatuna mahal, meulina ogé ti toko)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar