Selasa, 09 Februari 2021

(T7ST2) PJJ Kelas 6 SDN Layungsari 2: Kamis, 11 Februari 2021 B Sunda

 

BAHASA SUNDA

TEMA/SUB TEMA             : 6. Menuju Masyarakat Sehat/3. Membangun Masyarakat Sejahtera 

Kompetensi Dasar

3.3 Menganalisis posisi dan peran Indonesia dalam kerja sama di bidang ekonomi, politik, sosial, budaya, teknologi, dan pendidikan dalam lingkup ASEAN.

4.3 Menyajikan hasil analisis tentang posisi dan peran Indonesia dalam kerja sama di bidang ekonomi, politik, sosial, budaya, teknologi, dan pendidikan dalam lingkup ASEAN.

 

Indikator Pencapaian Kompetensi

3.3.1 Menguraikan peran Indonesia dalam kerjasama di lingkup ASEAN.

 4.3.1 Menyajikan hasil analisis peran Indonesia dalam bidang sosial di lingkup ASEAN.

 

 

I.             Kompetensi Dasar : Menyimak cerita rakyat

 

II.          Indikator :

Nyangkeum eusi carita rakyat

Ngajawab pananya anu patali jeung eusi carita rakyat

Ngadongengkeun carita rakyat make basa sorangan

 

 

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ 
 Marilah berdo'a sebelum belajar anak-anakku...

رَبِّ زِدْنِي عِلْمًا وَارْزُقْنِيْ فَهْمًا
رَضِتُ بِااللهِ رَبَا وَبِالْاِسْلاَمِ دِيْنَا وَبِمُحَمَّدٍ نَبِيَا وَرَسُوْلاَ رَبِّ زِدْ نِيْ عِلْمًـاوَرْزُقْنِـيْ فَهْمًـا
 
Pernah hidep ngadangu dongeng?? pasti jarang ayeuna mah nya. Jaman saacan hape jeung internet dikenal siga ayeuna, rata-rata barudak sok ngadangukeun dongeng dina radio. Ngadangukeun dongeng boga manfaat jang ningkatkeun daya pikir jeung ngalancarkeun basa sunda urang. Tah, hidep anu lami di Bogor tangtu kudu bisa bahasa sunda. Ayeuna pek hidep bacakeun atau caritakeun deui dongeng di handap kanu rekapan sora (Voice Note) 
 

Sasakala Talaga Warna

 
Jaman baheula, di daérah Puncak Bogor, di lamping Gunung Lémo nu aya di sabudeureun Pagunungan Mégamendung, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Kutatanggeuhan. Anu sok disebut ogé Karajaan Kemuning Kemanggi.  

Rajana Prabu Swarnalaya, ari praméswarina Ratu Purbamanah. Kawentar raja anu adil tur wijaksana, nepi ka karajaanana subur mamur, rayatna senang taya kakurang.

Sanajan kitu, raja jeung praméswarina can ngarasa bungah. Ari sababna, raja can diparengkeun boga turunan. Mangtaun-taun kawin, praméswari henteu baé kakandungan. Padahal rupaning tarékah geus dilaksanakeun.

Antukna, nurut kana pelengan kokolot karajaan, Kangjeng Raja tatapa di hiji guha nu aya di Mégamendung. Kahayangna kabiruyungan. Teu lila ti harita, praméswari kakandungan. 
Sanggeus salapan bulan, praméswari ngalahirkeun orok awéwé. Orok geulis tur lucu, sarta dingaranan Nyi Ajeng Gilang Rinukmi, anu sok disebut ogé Putri Ayu Kancana Wungu.

Putri Ayu kacida diwowoy jeung dipikanyaahna ku Kangjeng Raja katut praméswari. Sagala kahayangna taya nu dipungpang. Kawantu anak anu kacida dianti-antina. Antukna Nyi Putri jadi budak nu ogoan tur loba kahayang.  


Nincak sawawa, adatna henteu robah, malah beuki tambah. Karesepna maké nu sing sarwa éndah, dipasieup ku emas inten berlian. Kageulisanana beuki témbong jeung moronyoy, jadi pamujian sapangeusi nagri.

Dina hiji mangsa, Kangjeng Raja ngayakeun pésta milangkala Putri Ayu, putri hiji-hijina anu kacida dipikanyaahna. Kangjeng Raja méré hadiah kongkorong warna-warni tina rupa-rupa emas inten berlian.

Tapi, Nyi Putri teu daék nampa éta hadiah, sabab henteu saluyu jeung kahayangna. Éta kongkorong téh dipiceun. Dialungkeun nepi ka emas inten berlian téh awur-awuran. Nempo kitu, indungna ceurik, ngarasa nalangsa ku hiji ku dua. 
 
Mareng jeung éta, aya kajadian anu ngageunjleungkeun. Aya lini anu gedé kacida, matak génjong sanagara. Taneuh bareulah sarta ti lebah Putri Ayu ngalungkeun kongkorong téa, ngaburial cai anu kawilang gedé.

Beuki lila cai téh kalah beuki ngagedéan, tungtungna ngeueum Karajaan Kutatanggeuhan jeung sagala rupa pangeusina. Janggélék waé jadi talaga atawa situ.  


Ti dasar talaga sok katémbong nyorotkeun cahaya nu warna-warni, anu matak disebut baé Talaga Warna.

Ceuk sakaol, éta cahaya anu warna-warni ti dasar talaga téh asalna tina kongkorong emas inten berlian anu mancawura, dialungkeun ku Nyi Putri Ajeng Gilang Rinukmi téa.
 
(cerita diambil dari Jabarnews

Wilujeng maca sadayana, tong hilap pami tos beres dirapihkeun deui peralatana teras ngadoa saatos diajar nya.
Bersikap toleransi antarwarga negara atas perbedaan suku, agama, ras, dan budaya. Saling menghormati dan menghargai dengan keragaman budaya yang mnejadi kekayaan Indonesia. Pemerataan pembangunan diseluruh wilayah di Indonesia, sehingga tidak hanya terpusat di kota-kota besar saja. Menyediakan lapangan kerja yang memadai, sehingga tingkat kemiskinan dapat ditekan. Menyediakan dan memperbaiki fasilitas umum yang nyaman, agar masyarakat dengan mudah dalam mendapatkan fasilitas umum. Taat membayar pajak, agar pembangunan infrastruktur dan pembangunan fasilitas publik lainnya dapat terus berjalan. Membangun sarana dan prasarana pendidikan yang baik bagi masyarakat dengan tingkat pendidikan kurang.

Artikel ini telah tayang di Kompas.com dengan judul "Upaya Mengembangkan Kehidupan Kebangsaan Menuju Masyarakat Sejahtera", Klik untuk baca: https://www.kompas.com/skola/read/2021/01/16/153440569/upaya-mengembangkan-kehidupan-kebangsaan-menuju-masyarakat-sejahtera.
Penulis : Serafica Gischa
Editor : Serafica Gischa

Download aplikasi Kompas.com untuk akses berita lebih mudah dan cepat:
Android: https://bit.ly/3g85pkA
iOS: https://apple.co/3hXWJ0L

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

T7ST1PB2 PTMT SDN LAYUNGSARI 2: Kamis, 15 Februari 2024

  BAHASA INDONESIA, IPA, SBDP  Tujuan Pembelajaran 1. Melalui kegiatan beryanyi, siswa mampu menyanyikan lagu dengan interval nada dengan be...