Rabu, 07 Oktober 2020

PJJ Kelas 6 SDN Layungsari 2: Kamis-Jumat, 8-9 Oktober 2020 Basa Sunda/SBdP Nembang Pupuh

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh murangkalih Bapak sareng Ibu nu balageur


Emut barudak, baca heula ti awal dugi ka ahir teu kenging langsung ngerjakeun supados informasina teu satengah-satengah


Sateucan urang diajar, pek hidep moyan heula cekap 10 menit wae supados badan urang sehat dijauhkeun tina sagala panyakit aamiin

Jam 8.00 Sadayana tos siap kangge diajar, mangga hidep baca basmalah sareng doa sateuacan diajar


Proyek ieu kangge 2 Dinten (Kemis sareng Jumaah)

Dinten Kemis sareng Jumaah urang diajar rada benten ti sateuacana, Bapak sareng Ibu hoyong mireng sora hidep tapi ngangge nada, Bapak sareng Ibu hoyong mireng murangkalih sadayana nembang pupuh.

Regepkeun ku hidep tahap-tahap ngalaksanakeun proyek ieu

1. Mangga serat ku hidep dina buku jurnal kangge informasi
Pupuh teh aya dua macem, nyaeta sekar ageung sareng alit. Sekar Ageung mah biasa dihaleuangkeun ku ngagunakeun leuwih ti hiji rupa tembang, sedengkeun pupuh Sekar Alit mah biasa dihaleuangkeun ku ngan saukur sarupa tembang. 
Pupun nu kalebet  sekar ageung: kinanti, sinom, asmarandana, sareng dangdanggula.
Pupuh nu kalebet sekar alit: pucung, wirangrong, maskumambang, ladrang, balakbak, magatru, lambang, juru demung, gurisa, gambul, mijil, pangkur, sareng durma.

2. Pek hidep pilih salah sawios pupuh nu bade hidep tembangkeun, hidep tiasa milari contona di youtube, misalkeun pupuh balakbak



3. Serat lirik pupuhna dina buku jurnal hidep, misalkeun hidep milih pupuh balakbak, kade hilap lirik pupuh balakbakna serat di buku hidep

4. Mangga hidep latihan sabaraha kali wae kumaha hidep kangge nembangkeun pupuh nu dipilih 

5. Videokeun pami hidep tos siap nembangkeun pupuhna, eitsss emut videokeuna sapertos hidep nuju ngadamel video klip nya, misalkeun videona  hidep nuju di payunen bumi  bari nembangkeun pupuh atanapi nuju naon mangga kumaha hidep

6. Saentos beres ngadamel videona kade hilap kintun ka Bapak sareng Ibu kana WA japri

7. Pami hidep parantos ngintun videona ka Bapa sareng Ibu tandana hidep parantos rengse ngalaksanakeun proyek ieu, mangga lajeungkeun istirahat ke pendak deui sareng Bapak Ibu dinten Senen, kade hilap dinten Sabtu hidep disarengan Pak Isman kanggo diajar PJOK.

                      Hayu sasarengan ngamumulu budaya Sunda ku jalan nembang pupuh

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

T7ST1PB2 PTMT SDN LAYUNGSARI 2: Kamis, 15 Februari 2024

  BAHASA INDONESIA, IPA, SBDP  Tujuan Pembelajaran 1. Melalui kegiatan beryanyi, siswa mampu menyanyikan lagu dengan interval nada dengan be...